Heartless Background

RESEP ULUKUTEUK LEUNCA ONCOM TERI

Resep Masak Ulukutek Leunca Oncom Teri

Oncom oh oncom, katuangan favorit urang sunda (komo deuih urang bandung pasti uninga sadaya ge), leunca nu seger matak segut kana tuangna, ditambih teri nu nikmat dituangna mmmm yummmy.
Mangga nu bilih bade nyobian kaleresan bahanna didinya aya, atanapi sok mangga pegat eta tukang sayur nu sok ngalangkung unggal enjing atanapi ka pasar, atanapi pesen ka tukang sayur nu caket sareng bumi *halah2 kalah promosi beu! 


Bahan:
- Leunca saparapat 1/4
- Sakotak oncom, atanapi upami ukuranan alit atuh mangga 2 kotak oncomna
- Teri medan/ teri biasa digoreng teras dituuskeun
- sabatang serehna diprekprek sakedik beh seungit
- Sareng dua keureut laja/ lengkuas, sami diprekprek sakedik
- Dua lembar daun salam
- Uyah sacukupna (kira - kira sasendok teh w lah)
- Gula sasendok teh oge
- Penyedap rasa anu rasa ebi, tanapi pami teu aya rasa ayam geu teu sawios
- Minyak sacekapna kangge numis
- Cai 100 Ml/ satengah gelas 

Bumbu nu dilemeskeun/ direndos:
- Cabe beureum 5 siki
- Cengek 10 siki (pami kangge nu raresep kana lada/ pedas)
- 4 sihung bawang beureum
- dua sihung bawang bodas
- cikur w sakeureut/ sakedit w tong seer2 teuing

Cara masakna:
- Panaskeun minyak, teras tumis/ goreng bumbu nu direndos sakedap
- Tambihkeun oncom sareng leunca
- Tambihkeun cai, aduk - aduk cing rata, teras tutup katel dugi ka leuncana leumpeuh hipu
- Leubeutkeun salam, sereh, jeng laja, teras oseng - oseng dugi ka caina garing sareng warnana rada coklat
- Tambihkeun uyah, gula, sareng penyedap rasa
- Tambihkeun terina, aduk - aduk dugi ka garing atanapi sakumaha salera nu dipikahoyong.
- Siap disayogikeun, dituang sareng bonteng kurupuk...aiiih nikmat!
Catetan: Bahan Leuca tiasa oge digentos ku cangkang tangkil pami nu resepmah, cara masakna sami bae…tah sapertos gambar dihandap ieu…
Mangga, wilujeng...mugia kaangge.
Cag ah, baktos simkuring: Lilis Mayasari/ LieZMaya.

Tidak ada komentar: