Heartless Background

KAULINAN BARUDAK SUNDA BAHEULA



 Saméméh kaulinan komputer sarupaning Sega, PSP, atawa Nintendo datang, barudak leutik di Tatar Sunda boga rurupaning kaulinan pikeun ngeusian waktu ulin manéhna sabada diajar atawa mantuan kolotna, ayeuna mah cigana geus langka pisan, kajabaning di lembur - lembur leutik ciga lembur simkuring meureunan hehe.

Beda jeung kaulinan elektronis nu sipatna nyorangan, rurupaning kaulinan heubeul ieu biasana kudu dipaénkeun ku leuwih ti saurang. Sipat ieu tangtuna mangaruhan sifat budak sacara umum. Kaulinan elektronis ngadidik budak jadi teu kaiket/mahardika/independen, ngulik jeun kompetitip. Sabalikna, kaulinan heubeul ngajarkeun budak hirup sauyunan jeung paheuheuyeuk leungeun. Sawatara jalma boga pamadegan yén ieu téh aya hubunganna jeung sipat barudak ayeuna, hartina masarakatna nu bakal kahareup, anu leuwih gedé rasa kasoranganana jeung turun rasa babarenganana.


Dua sifat ieu aya goréng aya alusna, teu bisa dibédakeun hideung bodas. Ieu tangtuna tangtangan pikeun kolot supaya bisa ngawanohan budak jeung dunyana supaya kahareupna generasi hareup jadi generasi nu mardika, kompetitip, ngulik tapi teu égois, atawa boga 'rasa sosial' nu lemes.


Salian ti ngajarkeun rasa babarengan éta, hiji ciri lain kaulinan barudak lembur baheula téh biasana mah tara leupas ti kakawihan, sanajan kawihna ngan saukur kawih pondok tur leuwih deukeut kana hariring tibatan kana ngawih. Contona, dina kawih kaulinan pelak cau nu ngabogaan pancén "nyabut" bibit cau kudu uluk salam heula maké kawih. Kusabab ieu, loba nu ngahijikeun kakawihan jaung kaulinan budak.


Tah, Dina daptar di handap disebutkeun rupa-rupa kaulinan budak Sunda:


- Ambil-ambilan:
kaulinan budak bari kakawihan anu biasana dipetakeun di buruan jeung perlu lobaan.

- anjang-anjangan:
kaulinan nu niru-niru jelema nu geus rumah tangga, aya bapa, ibu, anak, tatangga, warung, pasar, jsb. Biasana dilakukeun ku barudak awéwé, tapi saupama aya budak lalaki sok pirajeunan dijadikeun bapa.

- bébénténgan:
kaulinan anu dipetakeun ku cara silihbeunangkeun (ditoél) bari ngajaga bénténg anu dijaga ku batu, talawéngkar, jsb.

- béklen:
kaulinan anu maké bal béklén jeung sawatara kewuk. Biasana dilakukeun di jero imah atawa téras.

- boy-boyan:
Ieu kaulinan salah sahiji kaulinan nu paling dipikaresep ku simkuring di lembur kapungkur. Kailinan anu maké bal saukuran bal ténis pikeun malédog talawéngkar nu ditumpukkeun. Upama keuna, anu jadi ucing kudu ngaberik terus malédogkeun bal ka nu malédog tumpukan talawéngkar bieu. Kitu terus nepikeun kabéh pamaén keuna kabalédog.

- congklak:
kaulinan maké papan kai dieusi kewuk.

- cacaburangé:
kaulinan di jero imah bari kakawihan. Aya nu jadi ucing nu kudu neguh barang anu dikeupeul ku batur. Upamana nu ngeupeul éta batuna kateguh, gantian jadi ucing.

- cingciripit:
kaulinan bari kakawihan.

- damdaman:
kaulinan anu maké mikir lantaran butuh stratégi sangkan buah dam urang teu béak dihakan ku buah dam batur anu jadi lawan urang.

- endog-endogan:
kaulinan maké leungeun bari kakawihan. Leungeun ditumpuk bari meureup nyarupa endog, terus gogoléangan atawa endogna peupeus nuturkeun kawih.

- empét-empétan:
kaulitan mangsa sawah dibuat ku cara niupan tarompét tina jarami.

éncrak kaulinan anu biasana maké sarupaning sisikian (siki asem, siki tanjung, jsb.)

- éngklé:
kaulinan ku cara éngklé-éngkléan bari suku nu teu napak kana taneuh mawa batu. Nalika nepi kana kalang anu jadi bates, batu éta kudu ditajongkeun kana batu séjén anu ditangtungkeun

- galah asin:
kaulinan maké kalang di taneuh buruan ku cara lumpat ti hiji kalang ka kalang lain terus balik deui. Salila bulak-balik, teu meunang katoél atawa beunang ku nu ngajaga kalang. Dipaénkeun baladan.

- gatrik:
kaulinan maké awi bébékan anu kudu dibetrikkeun pajauh-jauh ku jalan diteunggeul ku paneunggeul tina awi ogé.

- gugunungan:
kaulinan paluhur-luhur nyieun gugunungan tina taneuh, biasana taneuh ngebul.

- hahayaman:
kaulinan lobaaneun anu salah saurangna jadi hayam, saurang nu lain jadi careuhna. Hayam diudag-udag careuh bari lulumpatan sanajan teu laluasa lantaran dihalang-halang nu séjén anu jadi pager.

- jajangkungan:
kaulinan leumpang maké awi dua anu aya panincakan. Disebut ogé égrang

- luncat tali/ luncat tinggi:
kaulitan ngaluncatan tali anu dicekelan ku duaan. Talina saeutik-saeutik diluhurkeun (biasana tina karet geulang).

- ngadu kaléci:
kaulinan maké kaléci. Aya rupa-rupa aturan.

- oray-orayan:
kaulinan lobaaneun bari kakawihan, pacekel-cekel taktak, jeung ngantay maju siga oray luar-léor.

- paciwit-ciwit lutung:
kaulinan bari kakawihan jeung paciwit-ciwit leungeun nuturkeun paréntah kawih

- pérépét jéngkol:
kaulinan bari kakawihan jeung nyangkedkeun unggal suku sabeulah, terus puputeran teu meunang leupas.

- pelak cau:
kaulinan nangkeup tihang imah ku sababaraha urang pauntuy-untuy. Aya hiji nu kudu nyobaan ngabetot budak ti nu pangtukangna sina leupas.

- sérmen:
kaulinan peperangan pabalad-balad bari maké pedang anu dijieun biasana tina awi. Saurang dianggap paéh upama sukuna ti tuur ka handap katoél ku pedang musuhna. Kitu saterusna nepikeun kabéh musuh paéh.

- sondah:
kaulinan ku cara éngklé-éngkléan make ngaliwatan kalang kotak-kotak. Aya kotak anu ditandaan ku kojo (tina batu) anu teu meunang ditincak.

- sorodot gaplok:
ampir sarua jeung éngklé, ngan batuna dibawa ku suku bari leumpang gancang terus sarua ditajongkeun kana batu séjén anu ditangtungkeun

- ucing-ucingan:
kaulinan lulumpatan jeung nyingcétan lantaran diudag jeung rék ditoél ku nu jadi ucing.

- ucing sumput:
kaulinan néangan batur nu nyumput upama saurang jadi ucing. Biasana ucing ngitung heula méré waktu batur nyumput saacan kudu néangan kabéhanana. Aya rupa-rupa aturan.

Aya nu bade nambihan manawi???

MISBAHUDIN BIN OMAN SARKOWI


MISBAHUDIN BIN OMAN SARKOWI

Keur jaman sakola SD baheula angkatan kuring sakelas teh aya 35 urang murid, tadina mah aya 33 ketang, ngan basa naek ka kelas opat datang dua murid anyar, maranehna datang ti beulah Bandung nu rada ngota ngaranana teh si Penti jeng si Misbah (ngaran aslina Misbahudin). Ari si Penti mah budak awewe nu jangkung, buukna panjang lurus, sedengkeun si Misbah mah budak lalaki nu boga awak nu jangkung gede, bisa disebut pangkasepna harita mah, dibandingkeun jeng si Jujun atawa si Landak mah nu baragajul olol leho...nya kabuktian, loba babaturan wewe sakelas kuring nu jumlahna aya kana 20 urang nu katingalina kapentang asmara ku eta budak kaasup kuring salah sahijina haha.

Tah hiji mangsa barudak baragajul olol leho CS-an si Jujun teh arindit ulin rek marulung muncang cénah di kebon Pak Rubama, nu kabeneran di handapna teh aya susukan. Tangkal muncang pak Rubama teh leubeut kacida, unggal poé teu wéleh aya wae muncang nu marurag ka wahangan, tapi hanjakalna pak Rubama teh katelah galakna kacida ciga maung, laum manehna gés ambék hohoak barudak teh cing pelecir lalumpatan, nya jadi sabisa – bisa mah kudu waspada ulah nepika garandeng kapergok kunu bogana. Harita si Jujun teh ngajak si Misbah (murid baru tea) piken mulung muncang didinya, ari ku kuring mah gés kabaca yen manehna teh boga niat rek ngajailan eta budak kota. Nya tapina da dasar budak lalaki daek we diajak teh, jabaning kuring ge moal mungkin ngalarang manehna, da sidik can wawuh tea, gengsi tur boga keneh ka era mah harita teh heuheu.
Ari kuring mah harita jeng babaturan awewe teh kawas biasa ngaradon mulung asem, teuing kunaon kuring resep pisan pabalap balap eta kadaharan nu teu lazim, padahal mah mun dipikir – pikir ayéna mah jang naon da lamun gés meunang ge da tara di dahar, nu aya mah kalah nyeuri beuteung atawa di bikeun ka si Mimin atawa ka si Leni nu harobi pisan nambulan asem, reusép we meureunnya lulumpatan ngesang lah. Tapi hanjkalna si Penti mah harita teh teu ngilu mulung asem da sabab ceunah mah manehna teh keur gering, jadina teu bisa asup sakola. Tapina lain ngan barudak lalakina wungkul nu meunang kasusah teh, barudak awewe nu mulung asem ge boga rasa kasieun, sabab eta tangkal asem gede teh padeukeut pisan jeng kuburan samoja (kuburan hiji awewe nu maot basa waktu ngajuru, dikuburanana teh pinuh ku tangkal samoja kembang kayas jeng bodas...jeng loba nu ngadarongeng yen "aya jurigan"), jabaning teu jauh oge ti patempatan barudak lalaki marulung muncang.
Caritana basa waktu barudak lalaki CS si Jujun teh ngajailan si Misbah, nyaéta nitah si Misbah pikeun nyokot muncang dina wahangan maranehna lalumpatan bari cocorowokan patarik - tarik sangkan pak Rubama teh kaluar ti kandangna imah, da sidik si Misbah mah murid kota anyar nu teu apal nanaon...tah wanci eta barudak olol leho teh buru - buru ngabaleucir ninggali pak Rubama kaluar ti imahna mukakeun panto, si Misbah reuwaseun...atuh buru – buru manehna hanjat kana gawir rek ngiluan kabur jeng nu lian, tapi hanjakal manehna teu ahli tuak taek gawir nu léér, nu antukna atuh langsung ti soledat labuh kana wahangan, sukuna misalah (keseleo)...manehna cérik ngararasakeun tatu dina sukuna.
Kabeneran teuing kunaon harita teh kuring bét hayang balik heula ka imah sabab ku lapar, kabeneran imah kuring teu jauh ti sakola, lamun ku lumpat "kuda" beunang 7 menit ge langsung nepi hareupeun teras. Balikna, kabeneran pisan kasampakeun hawar – hawar kuring ngadenge sora aya nu ceurik, harita kuring teu langsung nyampeurkeun da sieun tea ku jurig, kuring ngarempod cicing handapeun tangkal kalapa bari bijil kesang lembut kesang badag....rek ngaliwat teh sieun kacida, niat kuring harita hayang balik deui we ka imah, jabaning katingali aya pak Rubama di hareupeun panto imahna...deuh kumaha yeuh pikir kuring!

Tapi pas ditilik – tilik di handap gawir teh katingali ciga aya leungeun keur muntang kana jukut gawir, leuh kuring kukuceuk mata da bisi salah titingalian harita teh...ah kuring teh panasaran, kuring maju salengkah...bari ngitung ramo – ramo,
Maju...

Entong...

Maju...

Entong...

Maju...

Entong...

Maju...

Entong...

Maju...

Entong...


Aaaah da entong, kumaha yeuh pikir na hate teh, tapi da kuring teh panasaran bisi nyaan jelema, kuring maca Bismillah bari leumpang semu lumpat...Baruk, gening katingali aya budak lalaki di handap teh keur cirambayan, si Misbah!

Kuring buburu nyampeurkeun bari nanya...kenapa kamu teh? (Si Misbah teh teu pati bisaeun nyarita basa sunda)

“ini, kakiku keseleo” pokna teh bari nyusutkeun cimata da era meureun ditinggali ku awewe... *anu bageur tea hihi*

“alaaah, kumaha atuhnya” bari halon kuring karunya ningali mahena nu keur kanyenyerian.


Haat hate kuring harita teh, tapi kuring teu mungkin bisa nulungan ngangkat manehna atawa narik leungeunna kaluhur da sidik kuring budak awewe leutik, berat awak ge ngan sakur 25 kilo harita teh, teu mungkin bisa ngangkat anak gajah *haha tong ngambek bah*. Ah kuring teh teu make pikir panjang deui, ngawani – wanikeun maneh pikeun menta tulung ka pak Rubama, da meren sagalak – galakna manehna moal mungkin tega meureunan nganteup.
Ari pekteh Alhamdulillah, énya we geuning di sampeurkeun di penta tulung teh manehna langsung buru - buru lumpat nulungan, malahan mah si Misbah teh dibawa ka imahna pikeun di ubaran, di urut sukuna...nya kuring ge milu abus ka jero imahna ninggalikeun si Misbah di urutan bari aya karunya oge cirambayan nyerieun semu ngajerit leutik nahan kasakit. 
Kuring ninggali eusi imahna loba parabot nu hargana teu sapira, harurung harerang, kuringge ninggali aya loba piala nu ngajalenjreng dina lomarina, geningan manehna teh guru (panjang caritana mah manehna teh jadi guru kuring di SMP gening hahay). Jeung geningan da bageur manehna teh, teu ciga nu aya dina pikiran kuring jeng barudak sakola lianna nu ges mangtaun – taun kasieunan ku pake Rubama, pedah we eta nada ngomongna gés kitu tibaheula, ciga nu ambeuk heuheu.
Sanggés beres di urut teh si Misbah tuluy dibawa ka sakola bari di aakod, kuring nuturkeun ti tukangeun dibarengan hate nu asa bulingah sapapanjang jalan. 
Tah hikmahna mah pamiarsa, ti poé eta kuring teu sieun deui ngaliwat ka gawir deukeut imah pak Rubama teh, jeng si Misbah ge jadi wawuh rada deukeut ka kuring...nya atuh laloba nu saririk barudak awewe nu lian teh, ngan hanjakal ari gés wawuh budak eta teh sok nunutur kuring, jadina teh lila kalilaan mah asa ilpil (ceuk basa barudak ayeuna mah haha, hampura ketang bah ah heurey...mun pareng salira maca ieu postingan, hampura kurang leuwihna nya kang misbah, dimana atuh ayeuna teh, meni teu keucet2 atuh???).

Hampura dak ah...sono pisan ka sobat baheula, teuing ngalencar kamarana :(

ANTISIPASI KALEUNGITAN SENDAL

SOK AH

Meureun diantara anjeun sakalian aya anu kungsi kaleungitan sendal, komo leuwih ti sakali waé boh keur juma’ahan atawa nganjang ka imah batur atawa di lingkungan buruan imah sorangan oge? beu Kacida!. Tah Pikeun anjeun anu kungsi ngalaman kajadian eta, tangtu karasa pohara gendokna lain????
Di handap ieu aya Tips anu meureun cocog pikeun anjeun sangkan henteu kaleungitan sandal deui.





1).Entong maké sendal Branded, kawas: Neke, Adidos, ato anu séjénna, Pake   we sendal anu sakali paké (emang aya kitu nya???)

2).Lamun anjeun kapaksa maké sendal Branded, simpen w sendal anjeun di tempat anu pajauh, contona sendal palebah katuhu anjeun, anjeun simpen di Masjid Istiqlal, tah senengkeun sendal anu palebah kéncana anjeun simpen di Stasion Gambir.

3).Paké Bakiak ari jang 3 penumpang mah, ciga anu sok dipaké dina pasanggiri 17 Agustusan.

4). Paké Password sarta alarm dina sendal anjeun.

5). Pasang kaméra & Tracker kalayan GPS sacara demit dina sendal anjeun, ambéh anjeun bisa ngawaskeun di mana posisi sendal anjeun lamun sendal anjeun di paok.

6). Jadikeun sendal anjeun minangka Accesoris anu dikalungkeun dibeuheung atawa jadikeun anting - anting.

7). Pesén sendal dina wangun kotak amal, salain sendal anjeun kahindar ti aksi dipaok, mangka anjeun ogé baris meunangkeun sumbangan amal sugan.

8). Gunakén sendal anu béda, sendal palebah katuhu kelir kayas kalayan hiasan kembang panonpoé, palebah kénca kelir konéng kalayan hiasan sirah tangkorak.

9). Gunakeun nomer sendal anu béda, misalna sendal palebah katuhu nomér 37, sarta palebah kénca nomér 45.

10). Atawa paké sendal anu katuhu duanana atawa kénca duanana

11). Tong hilap sok mawa ranté beusi anu panjang, anjeun bisa ngaranté sendal anjeun dina awak anjeun, ku kituna lamun sendal anjeun rék dipaok, anjeun baris meunang tanda mangrupa tarikan/ kenyangan.

12). Modifikasi sendal anjeun kalayan nambahan manik-manik, payet dll atawa kalayan nyieun bolong di tengah sendal anjeun, ku kituna sendal henteu bisa dipaké nu baris nyieun ilfil si-calon tukang maok eta.

13). Nunda sasobek kertas di luhur sendal anjeun anu aya tulisan ‘Sendal ieu boga aparat’ ; ‘Kredit sendal ieu tacan punah’ ; atawa anjeun tulis émbaran yen ‘Ieu lain sendal, sumpah ieu mah lain sendal..’

14). Tah tips nu terakhir mah Tips pang jitu nyaéta: Pake we sapatu, ku kituna anjeun moal kungsi kaleungitan sandal deui InsyaAlloh.

Hehe, tos atuh ah tong colohok macana, usap atuh eta umbelna…seurina tong tarik – tarik teuing bilih disangki nu janten gelo gara – gara ical sandal…apan atuh isin hihi :P

Cag ah, Sing emut eta gening pesen bang Napi “ingat…kejahatan bukan hanya terjadi karena ada niat pelakunya…tapi juga karena ada kesempatan…waspadalah…waspadalah!!!”

RESEP MASAKAN SANGU TUTUG ONCOM DAN FOTO NARSIS TUTUG ONCOM



SOK MANGGA ATUH TINGALI....

Bahan:
  1. 10 cm cikur, peuseuk
  2. 5 siung bawang beureum
  3. 3 siung bawang bodas
  4. 2 siki cabe beureum
  5. 150 gram oncom beureum, beuleum tika asak (lamun tisa mah oncom bandung)
  6. 500 gram sangu bodas panas
  7. Kurupuk aci atau kurupuk opak
  8. Garam saceukapna

Cara nyieun Resep Masakan sanguTutug Oncom:

  1. Oncom di beuleum diluhur seuneu sedeung tika sababarah  bagian rada tutung, rineus.
  2. Bawang beureu, bawang bodas, cikur, cabe cabe beureum dirineus , sangrai  . Campurkeun jeung oncom.
  3. Campurkeun adonan oncom ieu jeung sangu jeung garam, aduk tika rata. Campurkeun opak nu tos di bubuk keun.  



FOTO NARSIS TUTUG ONCOM 









TEUING NAON JUDULNA




Cipt: KANG HAJI SORBAN PALID





GEUS LIEUR……



NA KUDU DI KUMAHAKEUN



ITU RUNTAH AMALAYAH



KUMAHA MUN AYA SEMAH



GEUS PUSING ….



NATAKU BEURANG JEUNG PEUTING



NEMPO PEMUDA NARANGKRING



IRAHA ATUH REK JEMPLING





BUKTI.....



CEUK RT IEU TEH BUKTI



ANCAMAN KEUR KABEH JALMA



NU HIRUP JAMAN AYEUNA



TANDA....



CEUK CAMAT INI PERTANDA



POLA HIDUP NU GEUS BEDA



BAKAL LEUNGITEUN BUDAYA





GEUS ARAL….



TISAHA ATUH DIAJAR



BARUDAK NGOMONG GARIHAL



PAJARKEUN TEH GAYA METAL


GEUS LEUNGIT….



NU ARULIN CINGCIRIPIT



NINGALI BUDAK LALEUTIK



KALAH RESEP MACA KOMIK

RESEP ULUKUTEUK LEUNCA ONCOM TERI

Resep Masak Ulukutek Leunca Oncom Teri

Oncom oh oncom, katuangan favorit urang sunda (komo deuih urang bandung pasti uninga sadaya ge), leunca nu seger matak segut kana tuangna, ditambih teri nu nikmat dituangna mmmm yummmy.
Mangga nu bilih bade nyobian kaleresan bahanna didinya aya, atanapi sok mangga pegat eta tukang sayur nu sok ngalangkung unggal enjing atanapi ka pasar, atanapi pesen ka tukang sayur nu caket sareng bumi *halah2 kalah promosi beu! 


Bahan:
- Leunca saparapat 1/4
- Sakotak oncom, atanapi upami ukuranan alit atuh mangga 2 kotak oncomna
- Teri medan/ teri biasa digoreng teras dituuskeun
- sabatang serehna diprekprek sakedik beh seungit
- Sareng dua keureut laja/ lengkuas, sami diprekprek sakedik
- Dua lembar daun salam
- Uyah sacukupna (kira - kira sasendok teh w lah)
- Gula sasendok teh oge
- Penyedap rasa anu rasa ebi, tanapi pami teu aya rasa ayam geu teu sawios
- Minyak sacekapna kangge numis
- Cai 100 Ml/ satengah gelas 

Bumbu nu dilemeskeun/ direndos:
- Cabe beureum 5 siki
- Cengek 10 siki (pami kangge nu raresep kana lada/ pedas)
- 4 sihung bawang beureum
- dua sihung bawang bodas
- cikur w sakeureut/ sakedit w tong seer2 teuing

Cara masakna:
- Panaskeun minyak, teras tumis/ goreng bumbu nu direndos sakedap
- Tambihkeun oncom sareng leunca
- Tambihkeun cai, aduk - aduk cing rata, teras tutup katel dugi ka leuncana leumpeuh hipu
- Leubeutkeun salam, sereh, jeng laja, teras oseng - oseng dugi ka caina garing sareng warnana rada coklat
- Tambihkeun uyah, gula, sareng penyedap rasa
- Tambihkeun terina, aduk - aduk dugi ka garing atanapi sakumaha salera nu dipikahoyong.
- Siap disayogikeun, dituang sareng bonteng kurupuk...aiiih nikmat!
Catetan: Bahan Leuca tiasa oge digentos ku cangkang tangkil pami nu resepmah, cara masakna sami bae…tah sapertos gambar dihandap ieu…
Mangga, wilujeng...mugia kaangge.
Cag ah, baktos simkuring: Lilis Mayasari/ LieZMaya.

Carpon: NU ANGGANG NU DIPIKAMEULANG

“Kang ari basa wengi uih tabuh sabaraha?” pok pamajikan kuring basa keur nyiapkeun sasarap di dapur rebun keneh sabada solat subuh.
“Tabuh sabelas Neng” bari sok nyomot goreng sangu haneut lada karesep kuring jeng parakedel kentang.
“ooh meni weungi – weungi teuing atuh ayeuna mah nya uih teh?”
“Muhun nyèta apanan nuju aya deadline di kantor teh padugdeg waè ku boss di hardik wae sa-divisi akang teh…sok ngamuk teupupuguh geura”
“duh boa – boa nuju kadongkapan tamu panginten kang ti Cibeureum hehe”
“hisss ti iraha lalaki menstruasi atuh Neng” tembal kuring bari nyerengeh
“Ari basa weungi akang nu ngalihkeun Eneng ka kamar teh?”
“nya muhun atuh, na saha deui gèlis ari sanes kakang Restu lalaki pujaan hate eneng mah”
“iiih akang mah kitu da” pok pamajikan kuring bari semu umat imut
“nya mangkaning atuh apanan Neng teh gening da beuki beurat ayènamah…meuni langsung hah heh hoh ngesang akang mangkuna ge bari ngan sakur kakamar, komo lamun ka Cikopo nya haha”
“Enya yeuh kang, beurat awak Eneng teh janten naek tilu kilo geura” bari manyun
“Duh..duh tong manyun atuh ngewa ah katinggalna geulis, keun we atuh sawioslah nya teu nanaon, eta teh cingcirining Eneng teh bagja janten isteri akang, da upami meotan mah engke pajarkeun teu dipasihan tuang atuh ku akang, diseuseulan keh akang ku abah sareng ambu” kuring ngupahan pamajikan kuring bari nyèkèl tonggong leungeunna.
“Alhamdulillah, atos ah sarapanana…akang angkat heula damel nya Neng milari rizky heula kangge Tuanku permaisuri enjing…kangge balanja ka Supermarket sareng moll, teu hilap pasar Caringin hehe”
“Iiih akang meh meuni teu ikhlas kitu nya”
“yeeeh naha kitu, nya ikhlas atuh ridho Lillahita’alla kanggo Nyai nu geulis pupujaning hate akang tea mah”
“Hehe, nya jug atuh geura miang ka Bandung, uihna nyandak rizky sakarung” tembalna bari seuri manis halimpu nu matak genah karasa kanu hate, asana teh sakumaha capena pagawean kaubaran, kabayar ku pamajikan kuring.
“Kade nya ati – ati neng di bumi, ulah waka dibuka panto teh upami teu acan aya akang mah”
“muhun kang InsyaAlloh, jug kade akang cing ati – ati dijalan, sèèr minum…entong telat tuang, ku Eneng diantosan dibumi”
“mmm tapi engke teu kedah ngantosan deui nya, tuang w tipayun upami akang teu acan uih tabuh dalapan mah, berarti kapaksa akang bade ngalembur deui. Eneng langsung w kuleum tipayun di kamar, ulah diluar bilih leubeut angin ah”
“Muhun atuh, upami tiasa mah enggal uihnya kang”
“Muhun InsyaAlloh, mangga atuh Assalamu’alaikum”
“Waalaikumusallam” nya kuring indit bari ngagolosorkeun leungeun katuhu, langsung diadekeun kana biwirna nu ipis beureum tuluy kuring nyium tarangna. Tancap gas motor tuluy ngaberengbeung ka kantor”.

***

Jarak antara ti imah ka kantor teh lumayan jauh, sajam kuring diuk dina motor merik waktu beh nepi teu leuwih ti jam dalapan. Atuh da leubar lamun telat teh gajih langsung dipotong opat persen. Tapi hanjakal poè eta jalan teh macet pisan kacida, ceneh mah aya kacilakaan tabrakan motor jèng mobil di leubah parapatan jalan Baleendah. Hate kuring gès dugdeg we sok sieun kabeurangan, kapaksa kuring muter jalan ka jalan alternatif Banjaran Soreang, kuring ngabèrengbeung tarik nincak gas haar gening sarua keneh we macetna teu kira – kira…kabeneran aya kacilakaan oge ceunah “beu mèni bisa kabeneran kitu, kuring ngajerit dinu hate!!!”.

Lièk ninggali kana jam tangan gès nincak jam tujuh leuwih saparapat, sajam kuring pasiksak dinu kamacetan jalan...handeueul kacida dina hate, tapi mun ras inget ka pamajikan nu ngadadagoan di imah asa kaubaran nyabar - nyabarkeun hate beh jadi tiis deui...duuh Neng, akang lope Eneng heuheuy prikitiewww!

DUET MAUT ALUMNI SMKN 1 CIBADAK ( UNYIL DAN CUNGCENG )